Free Web Hosting Provider - Web Hosting - E-commerce - High Speed Internet - Free Web Page
Search the Web

Jurus Hawa Asma'ul Husna

 

Dzikir Asma'ul husna ngarupakeun ibadah ka Alloh SWT ku nyebut asmaNa, lain menta kadigjayaan atawa kakuatan kawadukan.

Naha make dihubungkeun jeung penca nu disebut jurus hawa ?, sajarahna mah barudak urang kampung atawa jajakana lamun tas ti laut atawa ngagarap sawah atawa ngebon dina sabada diajar ngaji di tajug sok sing dalimbung teu puguh ngobrol ngaler ngidul teu puguh juntrungna bari arudud daun kawung, bari diharudung sarung anu geus bau lalay badot.

Nya kuring ngajak barudak tamba sare sore-sore ngayakeun kamonesan gymnastik ceuk basa walanda mah, nyaeta olah salira penca anu make hawa. Tapi ngan aya pamentana nyaeta kudu apal heula Asma'ul husna anu jumlahna 99. Ari dileukeunan mah Alhamdulillah dzikirna katedunan, pencana kalaksanakeun. Ibadahna kalakonan, sehatna dijalankeun.

Tangtu moal apal saharita, nya kapaksa kudu ditungtut. Asma'ul husna anu 99 teh dibagi 9 bagian, tiap bagian jumlahna 11. Ari prak-prakanana nyokot tina aksara hijaiyah tea nyaeta alif ( ), ba ( ), ta ( ) jeung saterusna. Contona jurus hawa nu ka hiji aya 11 jurus nyaeta:

Diajar jurus hawa bari muji jenengan Alloh anu sae, nu dimaksud sangkan eling salawasna ka nu nyiptakeun murbeng alam. Ieu jurus diolah make hawa, nyedot hawa tina irung dikaluarken tina sungut. Setiap olahan gerak tarik hawana, lamun olahan dipiceun hawa oge piceun (itungan hiji tarik hawa, itungan dua piceun dst).

Ari anu hade mah make olahan gymnastik anu lemes, leuleus tur teu pegat, jadi nyambung terus teu digandet-gandet.

Lamun rek disurupkeun kana golempang meureun kudu dipiceun olahan anu no. 2 dst. Lamun tea mah ieu jurus ka hiji tea dikendangan atawa dikacapian pek bae, ngarah genah karasana asup kana sumsum balung ngahiji jeung lelembutan. Sabab ari urang sunda mun ngadenge kendang penca ari nu geus bisa mah sok nyorodcod tuur hayang gajleng bae ngengklak makalangan. Tapi kade ari rek jurus hawa wungkul mah teu meunang dirobah saeutik oge.

Pamustunganana ieu jurus teh bisa dipake :

  1. hususna jurus hawa lemes atawa heuras
  2. dipake jurus maenpo/penca
  3. bisa dipake ibingan

Tinggal urang anu niat ngarobah nyaeta nu ka 2 jeung ka 3, ari nu ka 1 mah pan teu meunang dirobah. Robahan eta dumasar kana perluna bae nu penting kudu make 4P; Polo-Pola-Palu-Paku ringkesna make otak, rencana, kakuatan jeung pamageuh kakulawargaan (babarayaan).

Lamun ku urang dilenyepan ieu olahan jurus teh pohara euyeub ku gerakan-gerakan anu ngagunakeun leungeun. Kulantaran kitu perlu ditalungtik jeung dimekarkeun, hususna perkara olahan leungeun nu rnangrupa takisan, tonjokan, newak, mepeg, nyolok jeung diles. Jadi loba pulunganeun pikeun jurus maenpo atawa ulin lainna. Bisa oge ngarupakeun jurus dasar penca husus anu ngolah perkara leungeun.

Misalna jurus ka 1 bisa dihijikeun jeung ka 4. Terus ulah poho itunganana naha rek 4 atawa 5, cokot nu ringkesna wungkul, sabab ieu jurus make tanaga sabab di pake maenpo (penca), ari hawana bisa diatur kumaha perluna bae (1 gerak 1 hawa, 2 gerak 1 hawa). Ari 4 gerak sahawa mah beurat teuing, nu wajar bae tapi mangfaat teu ngarusak awak. Baranghakan oge ari wareg teuing mah kamerkaan.

Lamun keur ibingan, jurus nu meunang dihijikeun tea bisa dirobah sangkan ninggang kana goong, ku nambahan olahan gerak, contona gerakan dampal leungeun anu nangkuban bisa ditangkarakeun terus diayunkeun, dikeupeulkeun kakara ditonjokeun jeung sajabana. Anu itungan 4 tangtu merenah jeung tepak tilu, anu itungan 5 etamah merenah jeung paleredan.

Pek reka tapi teu leupas tina dasarna. Ayeuna anu teu kurang pentingna nyaeta cokor anu ngatur lengkah. Jadi antara cokor jeung leungeun lir ibarat gula jeung peueut. Cokor dina maenpo mah kudu depek, beurat awak jadi ukuran pancegna gerakan-gerakan "MAENPO". Bisa beurat ka hareup atawa ka tukang, eta mah kumaha kaayaan gerakan, contona lamun nonjok tangtu awak beurat ka hareup piraku beurat ka tukang mah, tapi bisa oge lamun rek nonjok ngawahan heula beurat ka tukang, waktu rek tonjok pindahkeun jadi beurat ka hareup, ka tukang hampang.

Tangtu geus diajar meureun tina jurus gantung/timbangan, eta teh taya lian keur ngalatih kasaimbangan awak ngatur hampang jeung beuratna awak, mana cokorna digantungkeun sabeulah samemeh ngalengkah.

Ngado'a atawa dzikir, sakali deui eta mah ibadah. Sabab dzikir mah dzikir, penca mah penca. Jadi ulah aya anggapan jurus ieu dzikirna ieu. Tadi oge ngarah apal make cara dina penca. Kajadian anu kapanggih saenggeus papada kolot, pernah nanya naha apal keneh jurus teh ?, nya saeluk mah aya keneh lolobana lebeng poho deui tapi alhamdulillah ari dzikirna mah napel nepi ka ayeuna pisan masih keneh didawamkeun sabada sholat. Kasangtukangna ngajadikeun para baraya sakabeh jeung barudak ngora anu nguatkeun agamaNa, ngagungkeunaNa jeung muji ka Alloh SWT beurang peuting kalawan nyebut Asma Alloh anu sae.

Eta cenah teu genah leuleus mah, meunang make olahan heuras oge, tapi kudu make tanaga. Hawana dua itungan, hartina dua olahan sahawa, gumantung kana kuatna nahan hawa bisa tilu olahan sahawa, opat olahan sahawa, lima olahan sahawa dst, menang olahan dipegat-pegat. Balukarna lamun make tanaga di jurus hawa tangtu tereh cape.

Lamun make olah lemes, leuleus siga teu make tanaga, dumasar kana pangalaman kolot, boga pangaruh kana bayah, teu boga panyakit eungap. Pek bae cobaan ku arandika jeung baraya urang.

Ari make gerakan (olahan) heuras mah pantes keur barudak ngora nu benteng resep maenpo/penca. Dumasar pangalaman oge, awakna jadi paregel, ngeusi sarta cangker, rancingeus, gede wawanen kana bener, polona encer, perbawana sabar tawekal, komo dibarengan ku ibadah ku ibadah nu lima waktu kalawan khusyu.

Pikeun umumna kolot-kolot jaman walanda baheula, lamun diajar penca atawa maenpo teu make seni nyaeta make kendang penca asana saperti ngangeun teu diuyahan tiis karasana. Meunang ditabeuhan ku kendang penca sing ninggang kana wirahma nyaeta ahirna nincak kana goong. Lamun tea mah dina jurus hawa rek dikendangan tangtu loba olahan anu perlu ditambah atawa aya oge anu perlu dipiceun, tapi ulah miceun pokona, nu dipiceun mah dogdog pangrewongna wungkul.

Ieu mah sakadar contona : dina jurus ka hiji, olahan anu ka 1 lamun make hawa boga tilu itungan, tempo gambarna.

 

Jurus Nafas Pangapungan

Samemeh ngalaksanakeun jurus hawa nu disebut pangapungan leuwih hade ngadaro'a heula sangkan urang lancar, salamet, sehat wal'afiat. Sababna boga galeuh maneuh jeung udagan. Penca teh ibarat dunya pinuh pikiraneun jeunb simbul. Kulantaran kitu pasrah (sumerah diri) ka Alloh, ngarupakeun hiji cara anu kacida mujarabnan ibarat obat pikeun katengtreman hate. Ieu do'a anu salamina diaos ku kanjeng nabi SAW waktos mayunan rupi-rupi karerepet.

Hartina : Nun Gusti teu aya anu gampil iwal ti naon-naon anu parantos dijantenkeun gampil. Anjeun anu parantos ngajantenkeun leuweung janten tanah datar upami Anjeun mikapalay.

Kulantaran kita urang kudu :

  1. Deukeut ka Alloh jeung RasulNa
  2. Migawe amal anu sholeh.

Nya kitu deui samemeh prung diajar jurus hawa tea perlu ditambahan ku maca shalawat, memang teu aya gantar kakaitan antara doa jeung jurus. Ari doa mah langsung ka Alloh, ari jurus mah apan buatan manusa ceuk basa walanda mah disebutna GYMNASTIC, ngarah awak sehat, ngaji jejem, digawe getol, diajar suhud (junun), badan seger, rancinges, jauh tina panyakit, lain ?!!. Ari jurusna ngolah hawa, kaluar asupna diatur, sedot ku irung kaluar tina sungut. Shalawatna baca dina hate bari sila, sirah tungkul ajrih ka Alloh SWT.

Naha cenah make kudu ngado'a jeung dzikir sagala ?, penca mah penca wae teu kudu make nanaon !.

Kieu caritana mah, sabada sholat isya' barudak ngaji teh sok langsung baralik, nya kapaksa dicandet barudak teh sina ngadoa heula. Sabab biasa tos isya' teh rek terus diajar olah salira, inggis ku bisi barudak ngora, sieun menta kanu lain-lain salian ti Alloh. Loba conto lantaran hayang jadi oah, terus nyambat embah, eyang karuhun, caringin gede, kuburan karamat, puasa 40 poe, tapa di guha, matigeni, mutiih lain ayat nu dibaca tapi jangjawokan nu teu kaharti nu dipuhit.

Lantaran sieun nyaliwang kudu ngadoa heula teh nu dipamrih sangkan inget jeung eling yen menta pitulung salian ti Alloh eta pohara salahna. Ieu teh hiji usaha pradaksinapata ti kolot, supaya barudak diajar tileuleutik mung ka Alloh urang muntang jeung menta pitulung.

Ari kasangtukangna ngadoa apan aya parentahna, nyaeta dina surat Al Mu'min ayat 60 jeung surat Al Baqoroh 186. Doa teh ngarupakeun ihtiar manusa supaya ulah poho pikeun inget ka Alloh, tempo dina surat Al An'am 43. Ari ngalaksanakeuna kudu depe-depe kalawan isin ku Alloh, tempo dina surat Al Araaf 55.

ka Santika >>>